Thumbnail for Dongeng Fabel Sunda - Uncal Nu Pinter by Putri Sri Jayanti

Dongeng Fabel Sunda - Uncal Nu Pinter

Putri Sri Jayanti

2m 51s330 words~2 min read
Auto-Generated

[0:01]Dongeng Sunda Uncal nu pinter. Di hiji leuweung aya sakadang buaya di sisi walungan. Awak manehna katindihan ku tangkal nu potong. Tuluy buaya ngagorowok menta tulung. "Tulung!" TULUNG. TULUNG..TULUNG!! Ti kajauhan, kebo ngadangu aya sora menta tulung ti jero leuweung. Tuluy we disamperkeun ku kebo teh. Prak datang ka tempat, kebo nenjo aya buhaya anu awakna katindihan ku tangkal anu potong. "Ari maneh teh kunaon buhaya?" cek si kebo. "Aduuh..kebo, urang teh geus katindihan ku tangkal ieu 2 poe, kusabab aya Lini.Tah ayeunamah cik tulungan urang atuh kebo. "Ah urang mah teu bisa nulungan maneh" tembal kebo. "Piraku maneh teu bisa nulungan urang,kadarge ngangkat nu kieu, kan maneh teh calon raha leuweung" Puji buhaya ka kebo. Kebo ngarasa bangga jeung jadi percaya diri ku omonganna buhaya. Kebo gancang-gancang ngangkat tangkal nu nindihan buhaya. Pas tangkalna diangkat "HAPPP" suku kebo digegel ku buhaya. TULUNG..TULUNG..! gorowok kebo menta tulung bari reuwas. Ti kajauhan, Uncal ngadenge sora Kebo anu menta tulung. Teu lila jol datang Uncal ngaliwat nyamperkeun kebo jeung buhaya. Kebo menta tulung ka Uncal, tuluy Kebo menta Uncal jadi hakim. "Sok, urang daek jadi hakim, tapi urang kudu nyaho kajadian ti mimitina, cik balikan deui" Ucap kancil. Buhaya ngalepaskeun suku kebo nu di gegel. Tuluy kebo jeung buhaya ngulangi kajadian tadi. Buaya balik deui ka tempat mimiti, tuluy Kebo nendeun deui tangkal kana luhureun buaya. "Bener ieu teh kajadianna siga kieu?" tanya Uncal. Bener! Bener!! omong buhaya jeung kebo babarengan. "Tah tuluy si buhaya teh menta tulung ka urang" omong si Kebo nuluykeun carita. Tidinya Uncal gewat-gewat ngajak Kebo indit ninggalkeun buhaya. Tidinya si Kebo teh karak nyadar, yen eta teh rencana sangkan manehna bisa salamet. Teu loba omong, Kebo langsung ngudag si Kancil ninggalkeun buhaya. "Hei tungguan..ulah waka indit!" Gorowok buhaya. Ngan Kebo jeung Uncal teu ngadengekeun si Buhaya. Amanat ti carita ieu, jadi arurang teh kudu nyaho cara balas budi, jeung tong sok nipu batur bisi ditipu deui. Jeung deui ulah bodo, bisi di bobodo ku batur. Hatur Nuhun.

Need another transcript?

Paste any YouTube URL to get a clean transcript in seconds.

Get a Transcript